Pendicitrawarga's Blog
Blog Es Campur

CARPON: TRAGÉDI PÉNGKOLAN NYIKU

Ku  Féndy Sy. Citrawarga

NGARANNA Gang Heureut, ayana di Jalan Renjul, Blok Poék. Mani nurub cupu nya? Kaayaanana mémang kitu. Enya, heureut, leutik, bin darukdek. Nu lalar liwat mindeng paadu awak. Angot nu barang bawa. Ka Gang Heureut  tara aya nu pirajeunan nungtun badak. Kahiji, moal asup, kaduana da euweuh jelema nu pirajeunan ngingu badak. 
Tapi, ku Si Ogin –gegedug Géng’s Hék– céés mah, Gang Heureut téh dianggap lapangan kapal ngapung. Méh unggal poé manéhna sabalad-balad bengkung ngariung bongkok ngaronyok, mojok, lebah Péngkolan Nyiku. Enya, di Gang Heureut téh aya péngkolan nu kaayaanana nyiku nepi ka katelah wé Péngkolan Nyiku.
Ti isuk jedur nepi ka soré jedér ditéma ka peuting jeding kalan-kalan ditumbu ka subuh tunduh, Si Ogin geus ngabaku cinutrung bari nyarandé kana bénténg nu ngajungkiring sisi gang. Kituna téh bari ngahitar nu siga ngahaja sina malanggrang nengah gang. Hareupeunana Si Jadut nu pangawakanana jangkung. Mun cingogo, tuur Si Jadut nyolodor pacium jeung tuur Si Ogin. Gigireunana Si Odos nu awakna gendut. Sakali diuk, awakna tangka nambru. Karék diheurinan jelema tilu gé Péngkolan Nyiku téh geus kapendet. Mangkaning barudak RT 03 Blok Poék nu jabung tumalapung ngariung téh réaan.
Saenyana hareupeun kantor RW gé aya kénéh lelemah rada laluasa,  dipaké ngariung téh moal eungap teuing cara di Péngkolan Nyiku. Teuing kumaha da ngarariungna téh di Péngkolan Nyiku waé. Sigana téh haram mun dariuk di tempat laluasa bari teu ngaganggu nu lalar liwat téh.
Watir mah Néng Fitri, mojang geulis keur meumeujeuhna manjing midang. Mun rék ngaliwat ka lebah Péngkolan Nyiku bari aya barudak lalaki tingrariung, dak dumadak  kageulisanana ilang kaganti ku bubudén baeud kuraweud. Mun urang-urang mah, nénjo budak awéwé rungkag-rengkog rék ngaliwat, buru-buru nyingkah seja ngaragangan sugan wé dipulung minantu ku Pa Danu. Ih na da barudak Géng’s Hék mah kalah ngahajakeun nyieun gara-gara, tingirihil karumasép.
Da puguh euweuh deui jalan, aya ogé kudu muter bari bulat-beulit matak baliwet, daék teu daék si geulis kudu ngaliwat ka lebah nu keur tingrariung bari ngahanca kacang meunang nganjuk ti Warung Nini Uyi. Inuman mabek bau alkohol. Néng Fitri bati ngageuri, mundur jurang maju jungkrang. Mani hayang saberebet-berebeteun mangprét bari peureum baning  najis nyakséni nu carunihin. Orokaya mun kitu peta téh kuriak matak leuwih diwiwirang.
“Kémon darling kamhieu-kamhieu…!” ceuk Si Odos, iinggrisan. Nu diélégna bati camberut bari antukna mah nékad sulungkar-salingker. Siga ucing ngambeu pais lauk, barudak Géng’s Hék tingalingsreuk ngasin nu geulis. Aya nu luas malidkeun leungeunna, tanginas ku Néng Fitri diképrét!
“Anyiiiir……teu nyeri!” ceuk nu tas diképrét. Leungeunna terus diusapan.
“Sumpah ku aing mah moal dikumbah, lebar lemesna,” pajah téh.
                                                                                                                2

Bisa bangblas ngaliwatan Pengkolan Nyiku téh keur Néng Fitri mah enyaan bungah, asa bucat bisul najan haténa mah angger mentegeg urut diélég. Laju mangadu ka bapana.
 “Goblog!” ceuk Pa Danu, bapana Néng Fitri basa narima laporan ti Néng Fitri pajah manéhna diganggu barudak lalaki di Péngkolan Nyiku. Papadaning kitu, Pa Danu téh ukur wani nyangangang tukangeun, teu wani ngontrog. Tuda saréréa gé apal Si Ogin céés téh kawentar baragajul jeung sok ngalawan. Kituna mah tong boro pantar Pa Danu, pangurus RT jeung RW  kaasup kaamanan gé sasatna taak.
Lalakon Aki Nanta mah séjén deui. Basa kundang iteuk ngaliwat lebah barudak di Péngkolan Nyiku rék ka  masjid, iteukna kadupak –teuing ngahaja didupak nyieun pucuk ti girang– ku Si Ogin. Pantesna mah Ki Nanta nu nyangangang téh na da ieu mah ti balik, kalah Si Ogin nu sosorongot.
“Euh….aki-aki kolot ku manéh téh, cik mawa iteuk téh nu aya sepionan pan sidik di sinih  ada juragan?”
“Heueuh!” ceuk Si Jadut.
“Ngajedog di imah aki-aki mah tong iinditan ngaheurinan!” Diémbohan ku Si Odos mani harus.
Ki Nanta bati ngahelas dicacampah dicucungah ku barudak Géng’S Hék kitu téh. Siga-siga nu teu ngarambeu sakola jeung atikan agama. Teuing heueuh meureun da piraku ari budak nyakola mani teu nyaho adab tata karama mah.
Bi Ooh deuih nu kanyenyerian téh. Harita téh manéhna ngaliwat bari ngadudungklik balanjaan tas ti pasar. Basa Bi Ooh ngaliwat lebah barudak, méh kabéh maluncereng. Teu pira pédah teu punten.
“Cik punten atuh euy, kolot-kolot mani euweuh pisan picontoeun. Pan nyaho aya nu keur rapat!” ceuk Si Jadut. Padahal Bi Ooh téh lain si itu si éta, laér-laér gé baraya bari jeung tatangga deuih.
“Parunten atuh Encép sadayana……Ibi téh hilap,” Bi Ooh mani popoyongkodan. Dihurmat kitu,  barudak kalah beuki dangah.
“Okey, tapi lain kali jangan gitu lagi, heueuh?” ceuk Si Odos. Bi Ooh muhun-muhunan bari langsung ngibrit nyidem haté berewit.
“Barudak lebokeun jurig. Hayang dipuntenan mah diuk sing balég lain ngahalangan jalan, kuduna gé ditalipak siah!” ceuk Bi Ooh jero haténa.
Mokaha urang Blok Poék kareuheuleun pisan ka barudak nu sok naragog di Péngkolan Nyiku téh. Ustad Komar gé mindeng ngabahas dina pangajian yén ruang-riung di tengah jalan ngaheurinan nu lalar liwat téh dipahing pisan ku agama gé.
“Kuma aing wé. Bujur-bujur aing, cangkeul-cangkeul aing, urusan teuing?” ceuk Si Ogin basa ngadéngé laporan ti balad-baladna majah paripolah maranéhna di Péngkolan Nyiku téh dibahas na pangajian.
 “Habisin, Bos?” ceuk Si Odos bari ngabuleud-buleud peureup.
“Keun wé antep jelema sok ngomong-ngomongkeun batur mah ké gé dikunclungkeun ka naraka!” témbal Si Ogin, pajah téh Ustad Komar ngabahas pagawéan teu cageur maranéhna téh ngomongkeun  batur.
“Tapi, kita-kita kagak énak dong diomong-omong heug kana sapéker?” Si Odos peuteukeuh hayang diaku.
“His, puguh kudu atoh kita-kita jadi berita. Nu jelas, kita-kita harus kudu waspada sabab sidik sudah ada protokol!” ceuk Si Ogin dina basa loték.
                                                                                                               3

“Provokator Bos!”
“Baélah salah saménél”
“Yés, plis!” Dialokan batur-baturna
Kungsi RW lahlahan mapagahan sangkan barudak Géng’s Hék ulah ngahajakeun teuing tingdarakom siga belentuk moyan di Péngkolan Nyiku. Lain ku nanaon, pan boro-boro jelema, hayam gé hemar-hemir.
“Geura sok ngariungna di hareupeun kantor RW itung-itung ngajaga kaamanan, laluasa ngarah rinéh!” ceuk RW.
“Okéy Pa Erwé!” Bring nyaringkah siga nu heueuh insap bari jeung aya nu kolu ngagerendeng, “Loba aturan pisan RW téh, riweuh!” cenah.
Sapoé mah di Péngkola Nyiku téh enya laluasa. Na atuh isukna geus tingrariung deui, pagétona nya kitu kénéh. Dipapagahan deui ku RW, tingkereles sajam dua jam, ari bongoh tingpodonghol deui. Antukna mah kalah RW nu soak.
Nepi ka kolot-kolot Blok Poék katut pangurus RT jeung RW ngayakeun riungan da cenah boh Néng Fitri nya kitu deui nu séjénna mani kaganggu pisan ku pamolah barudak Géng’s Hék téh. Umumna riungan miharep malah mandar barudak géng téh diélingan, mun teu beunang nya dipérénan wé sakalian. Tapi, riungan téh sasatna ngabuntut bangkong da ningan teu sapamadegan.
“Burung palung bodo gélo gé anak urang-urang,” ceuk Mang Kono, bapana Si Jadut bari diimplik-implikan cenah Si Jadut téh dipapagahan mah méh unggal usik. Tapi, batan nurut  kalah nembalan ku murubut hitut.
“Sugan isukan pagéto mah aya élingna,” ditéma ku nu séjén.
“Ngarep-ngarep éling sorangan mah sarua wé jeung ngadagoan belut buluan oray jangjangan!”  Pa Danu nu ngilu ngariung bati kekerot.
Najan kitu, Mang Sirod, bapana Si Ogin jeung Mang Oca bapana Si Odos mah geus léah anakna rék dikumaha-kumaha  gé da cenah geus taak mapagahan. Siga dina hiji waktu Mang Sirod popoyan ka Si Ogin.
“Cik geura éling atuh Gin, Bapa mah geus panas ceuli ngadéngé tatangga ngaromongkeun!”
“Na ari Babéh? Tuh cai sabaskom paranas ceuli mah, kari keueum! Mun kurang nyecep, nganjuk és batu ka Mang Soma,” témbal Si Ogin teu euleum-euleum. Nyentugna gé ceuk Mang Sirod enyaan ngajewol jajantung ngadéngé omongan campelak ti Si Ogin kitu téh.
Nya kitu deui Si Odos basa dipapagahan ku Mang Oca, batan sapagodos mah kalah ngabuih ngawaos.
“Dos, da Odos téh kasép, cik atuh ulah sok ruang-riung di Péngkolan Nyiku ngaheurinan jalan, teu meunang tatéh!”
“Eueueuh…Bapa téh nitah uing cilaka? Piraku kudu ruang-riung di jero laut, atuh meureun paéh. Hayang wé boga anak paéh téh!” Disekak kitu, Mang Oca  teu mingé deui cenah.
Nu matak, boh Mang Sirod boh Mang Oca duanana pasrah.
“Badé dibeureum badé dihideung, badé dibulao badé dikayas, badé dikonéng badé digandola gé mangga téh teuing,”  ceuk duanana.
“Ngeunah teuing budak mantangul kitu ukur dipulas mah, kuduna gé dihukum picis!” Pa Danu ngageremet deui.
Puguh wé pangurus tambah bingung. Da cacak mun satujuan yén barudak nu sok ngarariung di Péngkolan Nyiku téh ku kolot-kolotna diidinan,
                                                                                                                          4

rék diiangkeun ka Irak sina perang kajeun ngongkosan batan tinghariul ngaganggu masarakat mah. Mun teu daék kénéh titah perang, meujeuhna ngogan Dénsus 88 Antiteror gé da sidik apan néror urang lembur piraku rék diantep.
“Pira gé budak tilu,” deui-deui Pa Danu kutuk gendeng méh wé engab baning ku napsu. Kanyenyerian pisan tuda. Sabab, Néng Fitri jadi mindeng numpi di imah. Satadina teu jadi sual anakna nyirekem waé di imah gé malah alus wé tinimbang jarambah ngadu langlayangan mah. Ongkoh pan teu umum budak awéwé angot pantar Néng Fitri rumaja manjing gumeulis moro langlayangan mah, teu lucu. Orokaya sabada Néng Fitri mindeng numpi nepi ka basa aya Cép Darkom nu nganjing cai teu ditemonan, ibur béja pajah Pa Danu kolot, kuno, anti kebebasan, otoriter, jeung julukan rungseb séjénna. Dasar sungut jelema ararateul mun teu ngomongkeun batur téh, tong boro aya cukang lantaran, euweuh gé ditétéangan.
Alatan can aya kacindekan maneuh, Ogin céés sok ngariung kénéh di Pénglolan Nyiku. Malah asa beuki ngalobaan. Atuh puguh baé beuki heurin usik. Teu kalis naragog, ayeuna mah der ngadangdut bari maceuh jarogéd.
Ngan geus saminggu ayeuna, di Péngkolan Nyiku suwung ku nu ruang-riung. Ceuk ujaring carita, kajadianana poé Saptu minggu tukang, basa pasosoré keur meumeujeuhna lalar liwat jelema, boh nu datang ti pagawéan boh nu rék midang malem mingguan.
Harita, saperti sasari barudak géng geus ngageugeuh Péngkolan Nyiku. Si Ogin ngelepus udud kuntung, sakenyot séwang jeung baturna. Nu séjén paciweuh tatalu lagu dangdut. Nu sawaréh moyég jogéd mani pelér-pelér waé bangun nu pédo élom. Nu séjén jongjon ngahénggoy koaci diteureuy buleud tangka tingarohék kabeureuyan.
Keu aranteng kitu, teu pupuguh Si Ogin ngajurungkunung bari nonggéng, beungeutna dumadak ngariut badis boboko butut, ti dituna mah taki-taki rék nyingkahan balai nu ngancam dadak-dadakan.
“Dom, dom…….,” cenah.
Can gé biwir Si Ogin rapet, hulu domba jalu nu tandukna ranggaék geus ngajeduk mantén neunggar sirahna. Jungkel, hek. Si Ogin ngajongkéng sapada harita. Saréréa tagiwur. Si Jadut rikat ngajurungkunung, maksudna mah rék jicir nyalametkeun diri. Orokaya si jalu gé rikat mundur basa mireungeuh Si Jadut ngajurungkunung téh. Sigana si jalu nyangka yén Si Jadut téh domba adu nu rék nguntup manéhna. Heueuh apan buuk si Jadut mah dirancung-rancung siga tanduk domba, meujeuhna wé disangka bangsa si jalu gé. Mangkaning geus dua minggu si jalu teu diadu, pantes mun babatokna geus arateul. Teu antaparah deui, Si Jadut diteunggar meneran caréhamna pisan da keur nyemplong téa. Jebrod, hek, Si Jadut ngajurahroh nubruk Si Ogin nu keur katurelengan ngararaoskeun mastaka diteunggar hulu si jalu satakerna.
Si Odos olohok mata simeuteun. Bingung hojah, tiba ngayekyek. Calanana mimiti beueus, lila-lila karasa jibrug. Barudak séjén geus tingbalecir bari tingcorowok, “Domba ngamuk, domba ngamuk!” pajah téh.
Si Odos beuki tagiwur. Angot nénjo si jalu kalah merong ka manéhna bangun ijideun pisan. Si Odos beuki sawan. Rét ka céésna nu geus teu walakaya, dak dumadak saawak-awak muriang panas tiris. Si jalu kalah

                                                                                                                           5
ngahunted bari merong seukeut, matana siga nu hurung. Teu ngeunah dihina ku pantar domba, dak dumadak getih géng Si Odos nguniang.
“Domba grazzy,  gélo, édan, siah! Si léhoan waé, si bulu bau, si awak hangru, siah!” Gantawang Si Odos ngawakwak bébéakan.
“Emmmbéw!” Si jalu anggur ngalélécé.
“Sok, sia rék ngalawan aing? Na sia teu uninga aing kekentong Géng’s Péngkolan Nyiku? Tong disebut Si Odos gegedug Géng’s Hék mun teu nguntup modaran sia….!” Ceuk Si Odos, enyaan bangun nguntup ka si jalu. Rék mindo nyacampah, Si Odos teu bisa engab sabab tanduk si jalu kaburu nyehcer sungutna
“Wadow, wadow, tuluw…tuluuuw…..!” Si Odos tulung-tulungan. Tapi saurang gé euweuh nu wani nyampeurkeun najan harita jelema geus ronghok. Saha nu wani atuh nénjo si jalu keur ngamuk lir banténg ketaton. Si jalu mindo neunggar awak budayut Si Odos.  Gebru Si Odos nambru ngaheumpikan dua céésna bari ampun-ampunan.
“Hamprun, hamprun…dom, hamprun!” Les Si Odos kapiuhan teu inget di bumi alam.
Geus ngahanca tilu budak géng mah teu sakara-kara si jalu indit muru imah dununganana nu keur paciweuh nénéangan manéhna.
Horéng si jalu téh domba Ki Nanta paméré dulurna urang Garut minangka panyambungan pan Ki Nanta téh rék ngawinkeun Néng Isah, incuna. Saeutik gé Ki Nanta mah teu apaleun yén si jalu keur balitungan jeung barudak Géng’s Hék.
Teuing enya teuing bohong, cenah lalakon si jalu ngamuk téh mimitina mah basa Ki Nanta maraban si jalu bari curhat alias ngerewih kanyenyerian ku paripolah barudak géng Pengkolan Nyiku.
“Mani euweuh  nu sahulueun pisan mérénan barudak baong téh. Cik atuh ku manéh jalu da hulu manéh mah ranggaék ku tanduk teu cara hulu oknum gegedén ranggaék téh kana nganyerikeun haté rahayat nu teu daya teu upaya. Geura étah harega BBM térékél deui térékél deui naék, beubeulieun gé pipilueun. Keur sarwa werit téh, der deuih ngantep barudak buraong. Cig jalu balitungan tuh ka Péngkolan Nyiku, mun nguntup manéh moal tulus dipeuncit!” ceuk Ki Nanta, tangtu wé nyarita kitu téh ukur tamba gado ngagayot. Tapi ningan kanyataanana si jalu téh saksés mancén gawé balitungan jeung barudak géng Péngkolan Nyiku nepi ka teu manggapulia.
Tragédi Pengkolan Nyiku matak gujrud salelembur éar sadésa da puguh teu ukur jadi bukur catur kembang carita jelema, tapi dikorankeun sagala. Di halaman hareup salasahiji koran ngajeblag judul berita badag, “Si Jalu Tundukkan Kelompok Géng’s Hék hingga Pasiksak”.
Bati diteunggar si jalu téh Si Ogin jadi langlang-lingling da uteukna miring, Si Jadut beungeutna beuki teu matut, demi si Odos mun ngomong tara sapagodos antara waos jeung renghos téh baning loba teuing punglak waos.
  Demi Néng Fitri tara numpi deui malah mindeng midang siga nu nangtang barudak bujang, Ki Nanta bungah, Bi Ooh atoh, si jalu rewog nyatu. Orokaya nu nyambungan ka Ki Nanta basa ngawinkeun incuna téa barangkenu sabab berekat idangan teu maké daging si jalu.
Hayu, ah!***

Belum Ada Tanggapan to “CARPON: TRAGÉDI PÉNGKOLAN NYIKU”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: