Pendicitrawarga's Blog
Blog Es Campur

Carpon: Imut Aki Nembongan Deui

Ku: Fendy Sy. Citrawarga

Taneuh beureum tingburingkal tina liang kaluat.  Nu ngaralina katara segut kawas nu keueung ku angkeubna  langit pihujaneun. Hate marudah, kaheneg nyedek. Liang kaluat geus nyangkeredong marengan  hate kuring nu  lewang.
Geus moal boa, rea nu leungiteun ditinggalkeun ku manehna teh. Angot keur kuring mah. Saha tuda urang  Cidadap nu teu apal  ka manehna.
Barang tadi kuring meunang iber pajah anjeunna dipundut ku Nu Agung diala ku Nu Kawasa, mulang ka alam kalanggengan, nyaan asa diheulang. Teu kadenge iber gurang-gering heula tuda. Dalah di kumaha, takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa disinglar.
 Kuring mantuan nguar-nguar taneuh bari panon mah manco kana kuburan gigireun kaluat nu keur dikali. Kasedih beuki nambahan. Lain sasaha kuburan gigireun kaluat teh,  nya kitu kuburan-kuburan sejenna di  pajaratan ieu mah meh kabeh apal.
Taneuh beureum beunang ngali beuki muncugug. Marengan sewurna taneuh nu dikali, implengan kuring ngacacang ka mangsa ka tukang bari panon mah angger nanceb ka jero kaluat, tempat pangreureuhan manehna keur salalawasna.
Ti keur budak keneh kuring resep  kana kasenian Sunda teh, pangpangna wayang golek. Lalajo ge sok gungclo belaan teu  ngaji. Padahal ngaji mah tara leuwih ti dua jam, sedengkeun wayang sapeuting jeput. Paripolah kuring kitu teh teu disaluyuan ku aki, aki ti bapa. Anjeunna sok bendu mun kuring katohyan lalajo teh.
“Sakali deui sia kitu peta, digantung ku aing!” saurna dina hiji waktu. Nyariosna mani ngagidir. Puguh we kuring mani ngompod sieun terus digebugan.
Teuing ku nanahaon aki mani ngahulag pisan kuring lalajo wayang teh. Ari sugan  nyaram kuring lalajo teh pedah sok gungclo  nepi ka sok joledar ngaji di tajug. Ningan tas ngaji bari kuring dadaku heula rek lalajo wayang jeung babaturan ge, angger we dicaram. Kituna teh lain lalajo wayang wae,  kasenian sejen saperti reog, sandewara, angot bangreng atawa ketuk tilu mah.
“Awas sakali-kali deui lalajo wayang, komo bangreng,  dirangket siah!” cenah bari ngamang-ngamang nyere.
Antukna kuring kacida sieunna ku aki.  Sakapeung  sok hayang kabur. Tapi rek indit-indit ka mendi, rek lumpat-lumpat ka mana   pan kuring teh  sasatna dirorok ti oorok dikukut ti lelembut ku aki da bapa mah geus taya di kieuna, maot basa kuring dikandung keneh ku indung.  Indung ge ukur ngajurukeun da kuring  mah digedekeun ku aki.  Indung  nuturkeun salakina, bapa tere kuring, ka lembur jauh.
Eta ge satadina mah kuring  rek dibawa  ku indung,  tapi ulaheun ku aki jeung nini. Pajah teh keun we di dieu jeung aki si jalu mah rek digedekeun. Nya nu minangka gaganti indung teh mimitina mah nini, tapi ku teu hanteu deuih nini ge nuturkeun bapa. Kaleleban  ku bapa kuring cenah. Hadena we  aya Bi Rohimah, adi bapa. Nya ku bibi we kuring diurus teh. Najan ku indung basa kuring geus asup SD dihiap-hiap deui oge. Teuing ku naon kuring bet embung. Pangpangna mah karunya ku aki ketang moal enya cuang-cieung ditinggalkeun ku anak jeung pamajikan katut incuna. Enya ku bapa jeung nini kuring katut kuring sorangan. Kajeun teuing mindeng dicarekan ge, jamak we budak dicarekan mah da ari kana kapereluan sapopoe mah aki teh geten, malah kuring dijununkeun sakola.
Saur aki, kuring kudu jadi santri malah mun bisa mah jadi kiai. Ulah ngadeukeutan suna-seni, gumbrang-gembrung  tatalu, haram, pajah teh tokblak. Ceuk aki mah   seni teh  cukang lantaran timbulna kagorengan, matak poho kana  ibadah, jeung leuwih condong kana kamasiatan atawa pidorakaeun.
“Nu matak sujang, maneh mah ulah deukeut-deukeut kana wayang, gual-geol ngigel jeung ronggeng, doraka, haram!” Cenah ka kuring.
Teu wani nempas najan dina jero hate mah hayang nanya, “Naha Ki?” Sabab, mun pirajeunan tatanya, aki mah sok ngagebes.
“Montong loba tatanya! Pokona sia kudu nurut kana omongan aing!” pajah teh. Dipones kitu mah enyaan taluk, teu hayang tatanya deui.
“Teuleuman ajaran agama anggur mah, gaul jeung urang tajug!” Ditungtungan ku pangwawadi saklek.
Enyaan matak helok ningali sikep aki kitu teh. Bawirasa kolot batur mah teu kitu-kitu teuing, malah ngarojong  anakna boga anleh kana seni teh. Eta deuih nu matak helok teh aki sok nyaram kuring asup ka  pangkeng nu pagigir-gigir jeung kamerna. Paribasa pamali! Araraneh, ongkoh kudu neuleuman agama ongkoh kudu sieun ku pamali. Ukur kapanasaran we antukna mah hayang nyaho eusi kamer rusiah teh, teu wani pangangguran asup, ongkoh da salalawasna ge disosi  tur mindeng diroris ku aki. 
Geus dumuk kitu papagah aki mah nya teu bisa kukumaha iwal ti kuring kudu nurut. Ka sakola rajin, ngaji junun, idek liher di tajug tara tinggaleun. Ari karesep kana seni? Ah, dipaju we deuih. Tuda rek kumaha bisa ninggalkeunana apanan sora gamelan, dalang ngawayang, haleuang juru kawih, rarasaan teh geus ngalemah maneuh na sanubari nu hese disieuhkeunana. Malah saterusna mah lain ukur resep, tapi hayang bisa nabeuh, beh jauhna kuring hayang jadi dalang wayang golek siga dalang Jana nu kasohor di lembur kuring.
Kajaba sakola  SD, kuring ge ku aki teh disakolakeun di madrosah geus puguh ngaji di tajug unggal wanci bada magrib mah. Bangunna teh kuring sina bentet meunang pangwarah atikan agama. Geus lulus SD ge kuring dipaksa sina asup ka  tsanawiyah. Geus tamat tsanawiyah, sup ka aliyah.
“Tah ieu incu aki, didoakeun sing jadi kiai,” saur aki.  Kuring tiba imut. Reugreug meunang pamuji.
Tapi, sabenerna mah hate kuring teu weleh gegebegan sabab rumasa geus ngabohongan aki da apanan saenyana kuring sok maling-maling diajar nabeuh gamelan jeung babaturan di imah dalang Jana di Cidadap.
Mimitina mah kuring keur ulin jeung babaturan di gardu ronda. Der tatalu, kuring dadalangan, si Barna jeung Si Duleh nayagana. Lar aya dalang Jana, gek ngilu diuk.
“Rareresep kana wayang Dak?” cenah.
Kuring unggeuk.
“Datang ka Cidadap  rek dialajar mah ku Akang dipapagahan!” ceuk dalang Jana nu sok ngaakangkeun ari nyarita teh. Puguh we asa mobok manggih gorowong  meuntas manggihan cukang diajakan teh.
Kuring sarerea unggeuk. Ti harita kuring idek liher di imah dalang Jana diajar nabeuh. Eta teh ti keur SD kelas genep keneh.  Hadena teh teu kapanggih ku aki da lembur kuring, Cipancar, jeung Cidadap, lembur dalang Jana  teh  rada anggang. Saminggu sakali poe Ahad sok latihan nabeuh teh, manjang nepi ka kuring sawawa, malah sok ngilu nabeuh. Dadaku mah ngendong di babaturan atawa belajar bersama jeung babaturan  mun pareng aki tatanya tas ti mana  teh.
Sakali mangsa di imah kuring jongjon kakawen nurutan dalang. Ari sugan tea mah aki moal balik tereh-tereh ti kebonna.
“Nanaonan sia ceuceuleuweungan kitu patut?” ceuk aki ngagorowok matak soak. Blep bae kuring ngonci biwir. Untung we aki  teu kateterusan nalengteng.
Nu sidik hate kuring beuki panasaran ku naon aki mani ngewa-ngewa teuing kana seni? Na enya seni teh matak ngunclungkeun kana kagorengan?  Mun enya teh kitu ningan batur ge loba nu ancrub na dunya seni tur teu diharu biru? Antukna, bisa jadi pangjurung diri geus sawawa, kuring jadi malik keuheul ka aki da asa dihalang-halang kahayang bari jeung teu jinek kasang tukangna.
Baning keuheul jeung panasaran, kuring sok tatanya ka kolot sejen. Kabeneran aya nu bisa maparin bongbolongan, tegesna mah Bah Udi, bapana dalang Jana. Mun keur latihan ge inyana sok ngiluan, nya mapagahan nabeuh, nya mapagahan palasipah hirup nu aya patalina antara seni jeung agama.
Balaka bae kuring mangadu ka Bah Udi cekeng si aki teh galak pisan. Kuring ulah wawuh jeung seni. Tong boro tukal-takol kana saron, tupuk-tepak kana kendang, lalajo ge teu meunang, angot lalajo bangreng mah.
“Hahariringan ge teu meunang,” cekeng teh.
Bah Udi tiba nyenghel, teuing sinis teuing helok meureun ceuk pamikirna araraneh aya aki-aki teu resep seni warisan luluhurna.
“Saha kakasih aki teh  jalu ?”
“Ki…ki naon lah tara pirajeunan tataros. Ta, Ta, kitu da,” kuring teu pati   apal ngaran aki da sok nyebut aki bae.
“Rasta?” Saur Bah Udi. Kuring unggeuk. Riuk beungeut Bah Udi asa barobah.
“Abah kenal?”
“Loma mah henteu ngan sok ngadenge we,” cenah bangun asa-asa.
“Na enya Bah ari seni haram?” Lahaola kuring nalek.
“Tong boro seni, ngaji ge bisa haram, jalu.”
“Nu leres?”
“Enya lamu ngajina niat hayang kapuji, riya, angot niatna rek maling sendal  bari jeung prakna mah!”
“Janten ?”
“Seni ge bisa jadi ibadah lamun dijejeran papagon agama, niatna keur babakti ka Gusti Allah. Nya kitu deui kaalusan siga ngaji bisa goreng lamun dicampuran hawa napsu”, saur Bah Udi. Ceg kana panakol saron da harita ngawangkong teh satutasna latihan. Terus ditakol ngawirahma. Ari sugan pangangguran, ana pok teh:
“Kumaha kadengena takolan saron Abah?”
“Raoseun!”
“Naon nu ngarasa ngeunah teh?”
“Nya cepil atuh Bah moal enya tuur?” cekeng ngaheureuyan.
“Ari ceuli meunang nyieun saha?”
Gebeg. Naha bet panca kaki sual ceuli. Apan pananya kitu mah sok di pangajian atawa keur di sakola ku kiai atawa guru agama.
“Nya dadamelan Gusti Allah!”
“Lamun ceuli urang teu bisa ngadenge. Kira-kirana bisa teu ngarasakeun nimatna sora saron?”
“Nya moal atuh Bah!”
“Jadi, nu boga ceuli waras bisa ngarasakeun genahna sora saron, tepak kendang, goong, jeung waditra sejenna. Teu beda we urang ngarasakeun ngeunahna sabangsaning kadaharan atawa inuman. Tina kadaharan atawa inuman nu ngarasakeun ngeunah teh tikoro atawa beuteung. Tina  waditra seni siga gamelan nu nimat teh pangrasa nu nyerep kana batin, teu ukur semet ceuli. Cindekna mah alatan boga ceuli walagri bisa ngarasakeun nimatna tatabeuhan. Cik ceuk santri, di aliyah lin sakola teh, lamun urang meunang kanimatan  kudu kumaha ?”
Itu geura, kalah nyosok jero.
“Sakaterang mah kedah muji sukur ka Nu Agung!”
“Dalilan atuh ngarah afdol!”
Jadol teh make kudu ngadalil sagala rupa urusan  seni. Leuh lamun aki uningaeun nyampurkeun urusan seni jeung dalil  meureun teu bendu mah. Tapi, era murid aliyah nepi ka teu apal dalil sukuran mah. Najan bari kudu kerung nginget-nginget heula ge teu burung kapanggih, asana dina Quran Surat Ibrahim ayat 7.
“Pami teu lepat mah Ibrahim ayat 7 Bah dalil wajib sukur teh! Cindekna mah lamun urang meunang kanimatan, kudu sukuran sangkan nimat teh ditambihan deui ku Gusti.”
“Sabalikna lamun teu sukuran atawa kufur nimat?”
“Baris kenging bebendon ti Allah!”
“Tuh pan diudag-udag ka dinya mah seni jeung agama teh nyekrup lin?”
Kuring tiba unggeuk ngaheueuhan. Ningan ceuk Bah Udi mah seni jeung agama teh bisa  pacantel.
“Ari wujud sukur kana nimat kumaha?” Bah Udi nanya deui. Ah teu hese ngajawab da geus diajarkeun di sakola ge.
“Kahiji kedah ngucapkeun hamdallah, tegesna mah sagala puji kagungan Mantenna!”
“Cukup ku kitu?”
“Pan sanggem abdi ge kahiji, hartosna aya kaduana.”
“Enya bener, capetang nyarita euy moal gaplah lah jadi dalang teh. Sok naon nu kaduana?“ saurna.
“Kecap puji sukur teh kedah dibuktoskeun ku ibadah cindekna ngalaksanakeun sagala rupi pancen Allah tur nebihan laranganaNa,” cekeng kagok tableg.
“Bener! Ayeuna urang geus meunang kanimatan nu cukang lantaranana ceuli walagri nepi ka bisa ngadenge wirahma tatabeuhan nu merenah. Eta teh hakekatna mah paparin ti Gusti Allah. Ana kitu kudu buru-buru eta nimat teh ditasakuran ku kecap alhamdulillah Gusti… abdi gaduh cepil waras, tiasa nguping kaendahan wirahma tatabeuhan. Geus ngedalkeun hamdallah, ulah poho kana kawajiban boh solat, zakat, jeung puasa, ngarah urang teu meunang bebendon ti Gusti Allah. Jadi, sadar kana kawajiban ibadah ka Gusti teh, Jalu, horeng lain wae ti ustad, ajengan, kiai, jeung ulama, tina kaparigelan para seniman  ge bisa, satungtung karya seni tea keur tujuan mulya, lain keur kamasiatan atawa ngalajur napsu!” Saur Bah Udi panjang lebar.
Jempling sakedapan. Kuring museurkeun implengan neundeun mutiara cariosan Bah Udi na batin nu pangjerona. Teu kungsi lila anjeunna sasauran deui:
“Tah lamun ngadengekeun tatabeuhan, lalajo pintonan kasenian ukur keur kasenangan ceuli, ukur hayang genahna, tapi  embung sujud sukur ka Nu Maparin kagenahan, kasarna mah ukur nyenangkeun hawa napsu, cul kana ibadah, angot ngahagalkeun nyipta karya seni  keur ngeruk kauntungan nepi ngahalalkeun sagala cara, teu nolih etika, duduga peryoga, tah nu kitu mah Abah ge sapuk jeung Ki Rasta, ngaharamkeun sabab sagala rupa ge hirup teu dibarengan jejer agama mah matak cilaka!”
Kasauran Bah Udi teh karasana nyerep kana batin teu bina ti embun-embunan diceuceuhan es, nyecep. Temahna beuki yakin  yen ancrub ilubiung  ngagarap kasenian teh teusingna diharamkeun asal napak dina jalan bebeneran, pangpangna papagon agama. Malah apan bisa dijadikeun sarana dakwah. Para wali ge cenah kapungkur ngamangpaatkeun wayang keur umajak masarakat arasup Islam teh.
Sabada kaluar ti aliyah, latihan nabeuh beuki sumanget najan susulumputan keneh ti aki ge. Satadina mah hayang neruskeun kuliah, tapi teu kaerong waragadna. Bunta–bantu aki we sagawe-gawe da cita-cita nu utama mah enya hayang ilubiung dina seni, hayang jadi dalang wayang golek. Geus tamat ti  aliyah ge kuring ngahajakeun aktip di masjid malah ngilu ngobong di pasantren lembur keur nyebor kaimanan. Da saur kiai ge kaimanan teh sok turun naek, sakapeung rosa ngawaja, na waktu sejen uduh lir kapuk kaibunan. Angot kuring boga karep rek guyang dina kasenian nu teu ngabibisani sakumaha kasauran aki bisa ngagebruskeun kana kamasiatan. Nu matak, saur kiai ge, iman teh kudu dipulasara ku elmu. Puguh we aki bingaheun, bangun reugreug nyakseni incuna jadi aktipis masjid teh.
Cindekna, ti aki kuring dibere pangrojong sangkan soson-soson diajar agama, ku Bah Udi  diatik palasipah hirup keur icikibung dina seni nu saestuna nyaeta kudu dijejeran ku agama atawa nyunyurup seni kana papagon agama bari puguh wates wangenna. Estu katarimakeun pisan. Nya kitu deui ka Kang Jana nu geus  ngatik kaparigelan nabeuh gamelan malah kadieunakeun mah sakalian menta diajar ngadalang  da cekeng teh hayang neruskeun tapak lacak anjeunna ngadalang. Atoheun pisan kuring nyarita kitu teh, pokna ge:
“Sukur, sukur pisan Cecep hayang jadi dalang mah. Moal dikasasahakeun elmu ngadalang Akang,  peresun keur Cecep. Sabab,  kajaba Cecep boga anleh kana seni, atikan agama ge bisa disebutkeun meujeuhna. Pokona mah Akang teu salempang!”
Jeung saenyana eta teh  ka kuring mani nyaaheun pisan. Puguh we kuring beuki atoh, cita-cita  hayang jadi dalang teh beuki ngabulungbung. Angot  ayeuna mah aki ge tara barang geureuh deui. Duka percayaeun  kuring tara ilubiung kana seni, teuing dumeh ngaragangan pedah kuring geus sawawa.
Satadina mah kuring rek wakca ka aki yen saenyana kuring teh resep kana seni, hayang jadi dalang, malah sok latihan nabeuh jeung diajar ngadalang ka Kang Jana. Mun tea mah aki ngahulag deui siga basa kuring keur budak, asana geus waktuna kuring kudu ngalawan ku pamanggih sorangan atawa sakumaha nu dicaritakeun ku Bah Udi. Tapi asa heurin ku letah. Pangna kitu teh sabab aki beuki rerempo, yuswana geus hibar layung. Ka kuring  ngurihit sangkan geura boga pamajikan. Kaharti da puguh di imah teh kari duaan. Bi Rohimah ayeuna mah ngurus putra-putrana. Nepi ka brekna aki teh gering ripuh malah nepi ka hanteuna mulang ka kalanggengan. Asa dosa puguh oge can bisa  mulang tarima jeung teu nyumponan kapalay aki sangkan kuring geura-geura boga pamajikan.
Nu matak helok jeung gegebegan, basa aki gering ripuh, Bah Udi jeung Kang Jana aya ngalayad bareng jeung baraya-baraya aki ti Cidadap. Na wawuheun kitu?  Apan cenah teu wawuh ukur ngadenge jenenganana. Nu sidik, najan hayang umaku ge, ah api-api teu wawuh we sabab lamun kuring galehgeh siga nu geus loma jeung Bah Udi katut Kang Jana terus aki uningaeun, kumaha keh papanjangan sabab geus moal boa aki tos uningaeun yen Bah Udi jeung Kang Jana teh seniman. Bah Udi ge bangun surti teu nyirikeun geus loma jeung kuring. Atuh aki ge bangun hare-hare deuih duka pedah geus ilang kasadaran sugan. Tapi da jeung baraya-barayana mah kungsi uplek ngawangkong.
Basa rek amitan mulang, Bah Udi ngadeukeutan aki bari nyarita, “Hampura kami jeung anak kami Ki Lanceuk,” saur Bah Udi bari ngarangkul aki bangun geugeut bari katenjo aya nu baseuh tina socana. Nya kitu dalang Jana ge munjungan bari ngarangkul aki. Kuring ukur nyakseni. Mimitina raray aki siga nu riuk bendu, tapi lila-lila marahmay, gelenyu imut, dituturkeun unggeuk.  Kuring tiba ngembang kadu.
 Saditinggalkeun ku aki, satekah polah kuring kudu bisa hirup mandiri. Najan keur sakitu kalina dihiap-hiap ku indung jeung bapa tere pedah meureun kuring can kurenan. Paralun lain nampik pangasih, tapi kuring hayang ngesto ka amanat aki malar ulah incah balilahan ti imah aki.
Dina hiji waktu, basa kuring beberes, sup ka pangkeng rusiah nu salila ieu ku aki ulah diasupan ku sing saha wae, pangpangna ku kuring, kabeneran koncina kapanggih. Kuring kacida ngagebegna sabab di jero pangkeng teh balatak gamelan. Aya kendang lengkep jeung  kulanterna,  wayang golek   gular-galer, aya suling, aya panakol goong, jeung nu sejenna. Dina kendang kabaca aya tulisan “Mitra Budaya”. Aya kantong. Gasik dibuka, gorehel potret geus kuleuheu. Disidik-sidik breh panayagan keur narabeuh. Bogana saha ieu gamelan?  Nu mihape kitu? Piraku aki daek kapihapean barang-barang nu teu dipikaresep?
Teu ngengkekeun deui, papanggihan teh dibejakeun ka Bah Udi. Bari sakalian ditanyakeun naha basa aki gering ngalayad na Bah Udi wawuh jeung aki kuring? Derekdek Bah Udi ngadongeng, enya ngadongeng aki kuring almarhum.
“Beurat saenyana mah rek nyarita teh. Tapi asana geus waktuna, ngarah Cecep bangblas,” pajah teh, bari terus anjeunna sasauran cenah saenyana mah aki jeung Bah Udi teh nyobat dalit, babarengan ngagarap kasenian tradisi, malah boga grup sagala.
“Mitra Budaya”?
“Geuning Cecep apal?” Bah Udi nyelok, derekdek nerangkeun papanggihan di pangkeng rusiah.
Saur Bah Udi, pun aki teh jago pisan ngendang. Sarerea ge muji kana kaparigelan aki nepak kendang, rek kiliningan, rek mirig wayang, jeung sajabana.
“Nu mana aki teh?” Kuring nembongkeun potret.
“Tah keur nabeuh kendang, tah ieu Abah!” Saur Bah Udi bari nunjuk nu keur nabeuh kendang. Enya we aki keur anom mani sumanget nepak kendangna teh. Hanjakal we potret teh geus rumeuk. Demi Bah Udi keur ngarebab.
“Tepak kendang Rasta moal aya duana. Cacak harita geus usum jaipongan,  moal  teu pada marebutkeun. Boh dalang boh sinden, angot nu lalajo, resepeun pisan, matak dedengeeun.” Reg heula  Bah Udi liren nyariosna kawas keur ngimeutan panineungan. Kuring  ukur melengek, teu nyangka sacongo buuk mana horeng nu keukeuh nyarek incuna jibrug dina seni teh boga gamelan jeung jago ngendang. Deuh ku hayang teuing ngadengekeun tepak kendang aki.
“Naha atuh ka abdi mani ngulah-ngulah ancrub kana dunya seni, malah ngaharamkeun sagala?” panasaran.
Derekdek Bah Udi ngadongeng deui, cenah harita  bapa kuring almarhum  beuki pisan ngigel, sarua jeung sobatna nu taya lian dalang Jana.  Kacipta, aki boga kaparigelan ngendang geus moal boa anakna ge sina bisa ngigel atawa ngendang, teng manuk teng anak merak kukuncungan.
Ngan ceuk Bah Udi,  bapa kuring mah ari tupuk-tepak kana kendang mah tara pirajeunan, tapi kana ngigel, angot ngigel jeung ronggeng mah sasatna manukna, saruana deuih jeung Kang Jana. Dihucuhkeun we ku aki teh malah atoh boga anak resep kana seni.
“Sakali mangsa bapa maneh parebut ronggeng na pidangan bangreng, nepi ka derna  galungan. Bapa maneh kasoran nepi ka hanteuna, palastra di pakalangan ninggalkeun indung jeung hidep nu harita keur dina kandungan!”
Ngadenge kitu, kuring tangka ngajumbul. Ieu meureun nu jadi cukang lantaran pangna aki keuheuleun pisan kana seni jeung ngulah-ngulah kuring lalajo bangreng teh.
“Jeung saha galunganana bapa teh Bah, aya keneh jalmana eyeuna? Mani teungteuingeun pisan atuh nya jelema teh?” Teu pupuguh dada kuring nguntab kahuru napsu.
Batan nembalan, Bah Udi kalah ngahunted siga arca. Teu ngarti puguh oge da sasarina mah sok  balaka tara aya nu didingdir kelir sindang siloka.
“Punten Bah, pangnyebatkeun sareng saha pun bapa galunganana?”
“Asa teu perelu dicaritakeun Cep. Tapi, ari keukeuh-keukeuh teuing hayang nyaho mah insya Alloh isuk jaganing pageto dibejaan,” saur Bah Udi estu matak panasaran. Najan kuring ngemu kaheneg, teu hade maksa mirusa kuriak ngajaheutan manahna. Rek disabaran we  ngadagoan wanci nu mustari mangsa nu sampurna Bah Udi maparin iber saha jalmana nu galungan jeung bapa kuring. Piraku pantar Bah Udi jalir jangji onaman.
Buktina, tug ka wangkid ieu Bah Udi can wakca saha nu galungan jeung bapa kuring teh. Puguh deui aki, apan teu nyaritakeun yen bapa kuring maot alatan galungan di pakalangan marebutkeun ronggeng, nya nu diarep-arep teh iwal katerangan ti Bah Udi. Hanjakal, jangji Bah Udi rek mere katerangan nu dianti-anti teh moal tinekanan sabab Bah Udi tos kabeulit tali takdir nu hamo bisa dipungkir kacangcang tambang kadar nu hamo bisa diudar. Pan liang kaluat nu keur dikarali hareupeun teh ancoeun Bah Udi nu maot poe tadi. Dikurebkeunana pagigir-gigir jeung makam aki kuring. Ka saha deui atuh kuring maluruh nu galungan jeung bapa?
Teu kungsi lila nu ngagarotong pasaran Bah Udi geus daratang. Terus layon Bah Udi dikaluarkeun, laju dipendem na kaluat nu cikeneh dikali.
Basa Ki Lebe biantara, hate kuring mah ngajorowok. “Bah, naha waka maot pan Abah teh boga jangji rek ngabejaan saha nu galungan jeung bapa kuring nepi ka tiwasna, tuh kuburanana beulah  ditu?”
“Bilih aya jangji almarhum nu teu kacumponan, prak lubarkeun jeung ridokeun,” Ceuk Ki Lebe siga ditujulkeun ka kuring ulah papanjangan nyidem kaheneg sabab Bah Udi geus lain-lainna deui, geus beda alam.
Tatapi, hate kuring asa beuki diwewejet, gorowok deui hate jumerit, “Ki, saha nu mateni Bapa?” Kuring nyambat aki bari mencrong kuburanana.
“Pa, saha nu mateni bapa? Sok Pa wakca, meungpeung abdi aya di dieu?” Kuring ge mencrong kaburuan bapa nu teu jauh ti kuburan aki jeung Bah Udi. Lebeng, taya nu nembalan.
Teu kungsi lila upacara ngurebkeun layon Bah Udi lekasan. Nu jarajap  nungtutan marulang, anging Kang Jana nu husu keur ngadunga hareupeun muncugugna taneuh beureum kuburan bapana. Panon kuring anteb nenjokeun Kang Jana. Berebey cimata bijil, ngilu nalangsa, ngararasakeun kasedih ditinggalkeun  kolot. Mun tea mah basa bapa kuring maot bari kuring geus sawawa,  geus moal boa kuring ge bakal ceurik siga Kang Jana. Apan yeuh cacak kuring teu kungsi tepung, teu nyaho di rupa bapa, batan sakieu kaleungitanana.
Munasabah mun kuring kudu mopohokeun kasumpeg hate dumeh teu manggih jawaban saha-sahana nu mateni bapa. Kiwari, kuring mangsana bela sungkawa ka Kang Jana nu sasatna guru kuring dina ngadalang. Nya kitu deui ka bapana  nu gede jasana maparin obor mangsa kuring poekeun basa ku aki diulah-ulah aub kana seni.
Atuh kapaksa kuring ge ngilu cinutrung tur neneda ka Gusti mugia almarhum Bah Udi ditampi iman Islamna. Kadar eta jangjina teu kakedalkeun da puguh kapegat pati, kuring yakin Bah Udi teu rek jalir jangji. Bisa jadi aya tinimbangan sejen. Keun bae da najan disebutkeun ge bapa kuring mah moal balik deui ka dunya najan ari kaheneg mah teu burung aya.
Keur husu ngadunga katangen ku juru panon Kang Jana ngareret ka kuring. Teu kungsi lila, ana gabrug teh manehna ngarangkul nepi ka pangacian kuring asa hiber ka alak paul, laju manehna ceurik ngagukguk.
“Cep hampura Akang, nu galungan jeung bapa hidep teh lain sasaha, tapi Akang. Tadina mah moal dibejakeun da bisi Cecep kumaha-kumaha ka Akang. Ngan Bapa amanat wayahna cenah kudu balaka ka Cecep. Tah ayeuna mah Akang  masrahkeun raga sakujur rek dibeureum rek dihideung ge nyanggakeun sadaya-daya!” pokna, dareuda.
Jeleger sora guludug handaruan marengan renjagna jajantung kuring ngadenge caritaan Kang Jana. Aya nu nguntab jeroeun waruga. Tapi, langit nu ti tatadi angkeub beuki meredong. Teu  kungsi lila breg hujan lir dibahekeun ti langit. Beuki lila hujan beuki ngagedean. Cihujan teh teu sakadar  maseuhan badan sakujur, tapi karasa rembes  mepeskeun seuneu angkara murka nu cikeneh ngadadak ngabebela jeroeun dada.
Imut aki ka Bah Udi jeung Kang Jana basa  ngalayad aki nuju teu damang nembongan deui.***

Belum Ada Tanggapan to “Carpon: Imut Aki Nembongan Deui”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: