Pendicitrawarga's Blog
Blog Es Campur

CARPON: NU HAYANG JADI PANGARANG

Ku Féndy Sy. Citrawarga

JUNG ti lembur datang ka kota téh rék ngampus. Cenah sangkan jadi jelema. Estuning idéal, saréréa gé pasti hayang jadi jelema moal enya hayang jadi belentuk.
Aya-aya waé puguh ogé. Jadi mahasiswa téh kuring mah kalah resep maca, teu siga batur resep démo, nyoping, atawa ngadugem pisan. Maca téa apan matak leneng uteuk. Teungteuingeun wé si manéhna, der ménta tanjakan, pajah téh heug wé rék ngadeukeutan mah asal jadi pangarang bekén.
“Da abdi mah hoyong gaduh carogé ka pangarang,” cenah.
“Kumaha mun Akang janten pajabat?”
“Néhi, néhi, pajabat mah sok aya kasebutna jadi koreuptor, pangarang mah jalmi sohor!” Teu beunang disisilihan.
Da puguh kacida beuratna, nya kayid rék jadi pangarang. Kabeneran ngampus téh di jurusan nu aya pakuat-pakaitna jeung nulis. Mudah-mudahan wé tinekanan. Ceuk Kang Warga Satia, mahasiswa semester genep anu ogé sok ngarang, salasahiji konci jadi pangarang téh kajaba mayeng kutrat-kotrét ogé kudu rewog maca. Tah ti harita kuring sok getol maca boh basa Sunda boh Indonesia. Basa Inggris mah tara pirajeunan, teu kataékan.
Maca karangan beunang batur, boh carpon boh novél enyaan matak pogot. Parigel ngagambarkeun watek tokoh nu béda-béda. Pon pilalagi lalakonna, aya nu pikalucueun, pikasediheun, pikacuaeun, jeung sajabana. Nepi ka kuring gé mun geus anteng maca téh, bujur asa dipaku. Paingan si manéhna hayang boga salaki ka pangarang.
Ti harita deuih kuring sok kutrat-kotrét ngarang. Gutrut nyajak dina buku tulis. Sababaraha menit gé geus jadi. Kencling ka réntal komputer. Di-print-out. Blus dikanaamplopkeun, langsung dikirimkeun ka majalah minggonan basa Sunda, Méncrang. Gedé haté bakal dimuat da sidik sajak téh  ceuk kuring mah alus. Nu nyieunna gé mahasiswa Jurusan Sastra Sunda. Jaminan mutu!
Poéan Méncrang medal, haget laha-loho ka tukang koran sisi jalan. Enya wé  si Méncrang geus midang. Jajantung ratug tutunggulan hayang geura muka eusina. Sajak téh judulna “Wilujeng Énjing Enung”. Enung téh si manéhna téa. Enya, Fitri Wulansari, bentang kampus saangkatan di Jurusan Sastra Sunda. Ceuk tadi gé kuring feelinglove alias ragrag bogoh ka manéhna. Paduli loba saéngan gé, kaasup salasaurang dosén ngora di kampus nu  teu uyahan ngilu ngécéng da katenjo sok ngadeukeutan malah mun ngawangkong téh mani uplek jeung pagégéyé. Séjén waktu mah keténjo pisan dipahugi duit, hareupeun balaréa tatéh. Najan kitu, jodo mah saha nu nyaho, sanés?  Ningan manéhna balaka, pék cenah ngadeukeutan, asal jadi pangarang. Cindekna mah, asal jadi pangarang, jodo geus nyantok.
Katénjo bandrol si Méncrang   Rp 10.000. Mun boga duit loba mah geus moal asa-asa rék diipekahan. Kétang, aya ieu gé duit sakitu mah ngan ancoan dahar jeung ongkos ka kampus. Nu sapuluh rébu deui keur mayar hutang ka Si Udén, céés sakontrakan.
Nu dagang koran gap deui gap deui kana daganganana bangun  nu nyuriga kuring rék cukat-cokot da éta meureun ti tatadi ukur nénjoan ari meuli henteu. Lahaola wé kitu ngilu ningali dimuat henteuna sajak kuring dina si Méncrang? Bébéja wé yén kuring téh mahasiswa nu sok buméla ka rahayat leutik siga tukang koran.
“Punten Kang, ngiring ningali Méncrang sakedap nya?” céng téh. Ukur jero haté, pok mah henteu da barang rék engab téh kumis baplang nu dagang koran ngoyagkeun sima. Barina gé si Méncrang téh dibulen palastik tangka rékép, isolatip  wéh tingjarepat rapet.
Antukna ukur garo-garo teu ateul. Haté nyaan geus teu sabar. Kusiwel ngodok dompét, lep deui dibebeskeun. Kitu jeung kitu wé meunang sababaraha rintakan mah. Tapi antukna mah teu burung léah, eusi dompét dipahugikeun ka si Méncrang.
Kuliwed ka tukangeun lapak koran. Gog cingogo. Palastik nu mulen si Méncrang dirangsadan tagka  pasiksak. Si Méncrang dibukaan salambar-salambar. Di kaca dua euweuh da puguh lain ancoan rubrik sajak. Muka deui kaca saterusna, lebeng. Cunduk kana rubrik sajak. Jenghok, angen asa ditonjok sabab “Wilujeng Énjing Enung” teu nyampak.
Beuteung mimiti ngawih kését rebab, lumengis nagih eusi. Bati nguyung lagu liwung pan duit téh geus dipahugikeun ka si Méncrang. Bahruteng tadi mah, pati-pati duit kapaké gé keur mayar hutang ka Si Udén mah moal gaplah da boga honor sajak “Wilujeng Énjing Enung”.
Watir kana kadut nu karasa lir diturih hinis, léos ka warung kéjo. Méméh ménta tobas, tarapti pisan tunyu-tanya heula harega da bisi kawiwirangan. Najan ngaranna “Warung Nasi Sederhana”, jaman kiwari mah cadu mun haregana ngilu sederhana téh. Reres dahar, gejlig ngingkig bari teu burung ngagémbol angen mentegeg.
Dak dumadak keuheul ka si Méncrang jeung ka rédaktur sajak. Teungteuingeun sajak saalus-alus teu dimuat. Nu dimuat téh si éta deui si éta deui. Siga dina Méncrang nomer ieu, nu dimuat téh sajak beunang Jajaka Binangkit nu judulna “Lebeng”. “Nyindiran aing hah maké ngajudulan sajak lebeng?” Pudingding napsu, sebel, murel. Lain si itu si éta Jajaka Binangkit téh, apal pisan da puguh urang kampus. Ngaran aslina Asép Rusmana. Karyana mindeng midang, boh sajak, carpon, éséy, jeung tulisan séjénna.
Poé harita teu ngampus. Ngabéngbéos muru kamar kontrakan. Laju ngaringkeb badis buron. Si Udén keketrok moal didéngé ku liang irung.
  Kana maca jadi cua, nanaonan ngamonyah-monyah waktu. Pon pilalagi kana nulis, teu hararayang teuing. Yeuh, para rédaktur! Na marukan nulis téh teu ngamodal, teu meres uteuk, jeung meureut késang siga tukang béca? Sarua, jibrug.
Sabulan campleng pundung. Nyaan teu maca teu nulis. Ngampus gé horéam, horéam panggih jeung Si Fitri nu sasangkleng ménta tanjakan kudu jadi pangarang. Matak naon ménta Tanjakan Émén, kop wé hayang mah.
Tapi, ningan, dunya téh karasa mongkléng teu maca mah. Uteuk butek. Karasa aya nu ilang tina kahirupan. Kapaksa ngalétak deui ciduh, panon sina nyandu deui kana buku, koran, jeung majalah cara sasari.
Carpon, sajak, novél, digayem deui. Kataji deui. Podonghol deui karep hayang jadi pangarang némbongan.
“Hampura Méncrang, punten rédaktur, sori Jajaka Binangkit!” Gasik sasadu. Gutrut  kutrat-kotrét deui. Koloyong  ka réntal komputer. Luut-léét késang deui, eusi dompét kaluar deui urut ngaréntal jeung sapuratina. Janggélék jadi carita pondok. Gasik dikirimkeun ngan ayeuna mah lain ka Méncrang tapi ka tabloid Mingguan  Cangra, sarua basa Sunda.
Ngadago dua minggu satutasna ngirimkeun carpon téh mani asa mulan-malén. Cunduk wancina, kuring ngadeupaan lincar deui tukang koran. Ukur rék ngadon ningali. Tapi teu werat. Kapaksa ngodok deui dompét, créng dibayar. Hadéna kiriman duit ti lembur geus datang. Harita kénéh Cangra dibukaan sakaca-sakaca, parat tepi ka kaca pangtungtungna. Lain waé carpon kuring nu lebeng, tapi rubrik carponna gé teuing ka mana da sahalaman éta mah pinuh ku iklan wilujeng milangkala hiji kota. Aya gé tulisan di kaca sabeulahna mangrupa éséy lain carpon. Tangtu wé lain beunang kuring, tapi beunang si éta deui si éta deui, enya  Jajaka Binangkit.
Keur sakitu kalina angen mentegeg. Mani téga, iklan ngalindih halaman carpon. Abong carpon mah bayareun. Lah, mun aing konglomerat rék nyieun koran atawa majalah sorangan. Rék dieusian ku sorangan, moal narima tulisan ti batur, angot tulisan Jajaka Binangkit mah, butut. Dimuat sotéh….pastina gé népotismeu jeung kolusi! Haté kutuk gendeng.
Hantem baé meulian Méncrang jeung Cangra da panasaran hayang nyaho dimuat henteuna karangan kuring. Hasilna, lebeng jeung suwung. Antukna, nguyung badis hayam ku tétélo. Keur kitu, torojol Kang Warga Satia.. Teu pupuguh kalah beuki napsu.
“Dimuat carpon téh? Tuh nu Akang mah geus dimuat deui dina Méncrang!” cenah bari némbong-némbong majalah  Méncrang terus nuduhkeun carpon karyana. Kuring ngahunted, tapi teu hadé goréng ka sémah najan asa dipapanas gé. Derekdek nyaritakeun nu kaalaman.  
“Teruskeun ulah kapok!” cenah bari nepakan punduk.
“Horéam Kang ah bongan teu dimuat baé. Padahal, nyieun sajak gé ku lancar-lancarna abdi mah ukur sababaraha menit. Carpon nya kitu kénéh,” cékéng, polostomo.
“Nyieun sajak sapuluh menit?” Kang Warga Satia kerung.
“Na teu kénging kitu?”
“Mun kanyahoan ku Kang Godi Suwarna, abong mun teu diseuseuh. Yeuh Din. Akang mah teu wani nyieun sajak, karék wani nyieun carpon. Sok wé tingalian boh dina Méncrang boh dina Cangra, moal aya sajak meunang Akang, angot dina Time mah héhéhé…..!”
“Ari kitu nyieun sajak kedah sabaraha bulan?” tanya téh kagok dilélécé.
“Nu matak sok sing junun kuliah. Wajar karék semester hiji. Ké gé ngarti!”
“Muhun, tapi Kang nyeri haté tulisan abdi teu dimuat waé da capé jaba ngamodal deuih!”
 “Saréréa gé kitu. Kegagalan itu keberhasilan yang tertunda,” cenah bari némbong-némbong deui carpon dina Méncrang beunangna nu judulna “Sabar” siga mapagahan kuring kudu sabar. Handapeun judulna ngajeblag tulisan Ku: Warga Satia. Mani kabita, duh mun ngaran kuring tada teuing sugemana heug dibaca ku saréréa, pangpangna ku Fitri pan carpon kuring nu dikirimkeun ka Cangra gé judulna “Ulah Jalir Jangji Enung”.  Saha deui atuh enung di dinya téh ari lain Fitri nu geulis kawanti-wanti éndah bawa ti kudrat mah. Puguh karasa lungsur-langsar pisan ngarang lalakon cinta mah sagala rasa samanéa tamplok. Nu matak teu kaharti naha carpon romantis dramatis pikasediheun teu dimuat. Pudingding keuheul deui ka urang Cangra.  
Basa kuring nyebutkeun euweuh bakat keur kurung-karang, Kang Warga méré wejangan  pajah téh ceuk salasaurang tokoh dunya gé bakat mah ukur sapersén, sedengkeun nu 99 persénna mah prak migawé.
Najan teu percaya saratus peresén da kabuktianana ningan karangan kuring teu dimuat-muat, papagah téh rék nyobaan diturut wé. Lain ku nanaon, tuda Fitri mani sok kaimpi-impi. Ti harita, kuring mindeng ningkeb di kamar kontrakan bari hulang-huleng. Lain huleng sabongbrong, tapi néangan ideu.
“Na keukeuh rék jadi pangarang?” tanya Si Udén pédah kuring gawé téh ukur hulang-huleng. Kuring unggeuk.
“Hare gene mau sengsara?” cenah ngalélécé.
“Tong ngahina, bel! JK Rowling beunghar tina ngarang. Piraku uing teu becus? Manéhna jelema, uing manusa!” tembal téh siga nu heueuh kurung-karang hayang jadi jelema, padahal ukur nyumponan paménta kabogoh.
“Nya heueuh JK Rowling mah da urang Inggris. Bukuna payu, nu macana loba da urang Inggris mah kajaba bareuki roti téh rewog maca. Novél, carpon, sajak geus diteureuyan ku bebenjit. Ari di dinya? Cenah ku si Méncrang ditendang, ku Cangra tak berdaya. Hahahahaha….kacian déh lo. Dina jadina gé pangarang, rék saha nu meuli, rahayat bangsa kita mah boro-boro daraék meuli buku, angot karya sastra, mikiran harega BBM nu terus apung-apungan gé soak! Rajeun turun ukur saceuhil,  harega sembako mah angger ngajago!” Si Udén kalah beuki mapanas.
“Ténjokeun! Déwék bakal jadi pangarang bekén! Mun geus beunghar pasti déwék  teu malarat!”
“Lain ténjokeun-ténjokeun, ieu yeuh ténjo mah!” Si Udén teu pupuguh nyarita kitu. Kituna téh bari ngasongkeun potrét.
“Tah deuleu Si Enung!” pokna.
“Si Enung saha, Bi Enung tukang loték?”
“Si Enung saha Si Enung saha. Éta Si Enung nu dijieun judul sajak   jeung carpon manéh nu teu dimuat!” Gebeg. Jenghok. Hanju. Ana bréh téh si Fitri keur diuk ngaréndéng méh paantel jeung saurang lalaki ngora nu lain si itu si éta. Leketey haté leuleus taya papadana lir nu dipupul bayu ceuk dalang téa mah.
“Ieu mah Fiiiit…..,” ceuk kuring, teu wasa neruskeun.
“Heueuh, ceuk saha pot? Moal enya kabogoh dideukeutan dosén ngora, pinter, beunghar….pokona pria idaman rék diantep?”
“Goblog!” Kuring teu sadar ngagorowok. Enyaan ayeuna mah panas pisan. Padahal mah lain ukur sakali Fitri dideukeutan ku Pa Asép Rusmana téh. Potrét dirawél tina leungeun Si Udén. Habek meupeuhkeun peureup kana méja, eusina racleng. Si Udén jicir harita kénéh, soak taksiran.
Kolébat beungeut Fitri némbongan, podonghol beubeungeutan dosén nu dipuji bébéakan ku Si Udén. Pudingding napsu. Piceurikeun nyelek. Boga niat rék nganggeuskeun hirup nguyup éngrin. Tapi lebar ku imut Fitri nu amis miyuni hui Cilembu.
 “Aing kudu hudang, tong disebutkeun urang Sumedang mun teu bisa tandang makalangan angot geus sidik aya nu ngahina!” Asa  aya nu méré kakuatan anyar sangkan kuring jadi jelema pangpangna jadi pangarang sohor. Sakabéhna keur Fitri, kembang kampus nu teu weléh kaangseu melenghir seungit. Kuring hayang ngungkulan lalaki nu geus wani-wani diuk ngaréndéng jeung Fitri nu ceuk Si Udén mah dina acara bedah buku anyar.
 “Bersama uing bisa!” kuring nginjeum kekecapan Pa SBY bari laju ngajugjug Toko Buku Maca Yu. Minggu tukang kuring laha-loho ka éta toko tur dina étalaseu katénjo aya buku anyar judulna “Cara Cepat Menjadi Kaya dengan Menulis”. Teuing karangan saha teu kungsi ditelek-telek. Rék karangan saha rék karangan saha, nu penting eusina tur sugan bisa ngadon maca da rék meuli mah pimanaeun.
Buku dina étalaseu ditingali deui, aya kénéh. Sup ka jero toko, rék néangan baladna. Lakadalah teu hésé. Ragamang buku dicokot. Jenghok. Julaeu. Heneg. Horéng buku téh dibungkus palastik mani rapet. Gancang dibalikkeun ngilikan tukangna. Aya tulisan:  “Hanya  dengan duduk manis, tumpahkan ide lewat menulis. Sekejap Anda akan kaya. Buku karangan penulis beken ini tidak hanya menuntun Anda piawai menulis kreatif, tetapi juga memberikan peluang cepat kaya!”
“Hebat!” haté surak deui. Dunya asa enyaan geus bisa kakeupeul. Tapi, basa kuring nyidik-nyidik nu ngarangna. Dak dumadak sebel. Teu rék kitu kumaha sabab nu ngarangna téh lain si itu si éta, tapi Jajaka Binangkit.
“Najis teuing kudu maca buku karangan maru!”
Harita kénéh kuring ngejat ninggalkeun Toko Buku Maca Yu. Satpam nu keur ngajega di jajalaneun kabadug siku. Dirérét ku juru panon, manéhna nyérongkeun curuk na tarangna.
“Heueuh aing gélo lah!”
Asa dihina. Ongkoh ménta tanjakan jadi pangarang, tapi can nanaon geus nganyerikeun. Kurang kumaha sorangan keur bajoang hayang jadi pangarang nepi ka ngoprot késang jeung olok duit meulian bacaeun? Harita kénéh balitungan jeung Si Fitri. Potrét nu meunang ngarawél ti Si Udén disodorkeun, tangtu wé bari jamedud.
“Putus!” Kuring kukulutus.
“Piraku badé timburuan ka pun lanceuk, Pa Asép Rusmana dosén urang alias Jajaka Binangkit téh lanceuk teges abdi. Tah abdi téh hoyong gaduh carogé siga Kang Asép,” cenah.
Gelenyu imut. Haté ngageter, jajantung ratug. Aya kabungah nu ngagalura na dada, tapi teu lila sirna kagebahkeun kacangcaya. Naha kuring bisa jadi pangarang siga Jajaka Binangkit da ningan ngarang téh teu kawas ngorong nu kari ngasupkeun curuk kana liang irung?. ***

Belum Ada Tanggapan to “CARPON: NU HAYANG JADI PANGARANG”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: