Pendicitrawarga's Blog
Blog Es Campur

Carpon Fabel: NU GALECOK DI JERO GOWOK

Ku Fendy Sy. Citrawarga

“ADUH nyeri, Ma, nyeri!” Si Ton ngawiwiw ceurik bari nyampeurkeun indungna.
“Nyeri ku naon ari maneh?” Indungna hariweusweus, bari pok deui ngomong, ”Ceuk Ema ge kudu ati-ati!”
“Dibabuk!”
“Ceuk Ema ge kumaha? Kudu iatna. Pan nyaho urang teh disatru pisan!”
“Enya, ku naon atuh nya jelema teh mani ngamusuh pisan ka urang? Teu pira Ton teh ngadodoho hulu peda nu gular-galer sisi kompor, lain kurutuk-karatak jero wadah,  mani dipalempeng!”
“Ceuk Ema ge kudu ati-ati da jelema mah teu kaop nenjo bangsa urang, pasti hayang ngagunasika!”
“Enya Ma tadi ge kadenge ku Ton indung jelema ngomong mani gegerewekan, etah  beurit, etah berurit buru paehan, cenah ka anakna! Ceg anakna kana peso terus dibaledogkeun ka Ton, keuna kana buntut tuh mani boleksek, peurih, Ma!” Si Ton mindo ceurik, bari pok deui ngomong, ”Awas siah engke mun keur hees rek digegel curukna, buntung-buntung. Geuleuh tuda teu pira hayang ngasaan hulu peda mani ulah. Dihakan ku sorangan henteu, ku batur ulah!”
“Jelema tea atuh Ton, moal aya mahluk nu nandingan kakoretanana. Sangkilang sagala rupa nu aya di dunya ieu lolobana mah dihanca ku manusa. Tong boro dahareun ngeunah,  inuman nu beresih, cikolomberan ge sigana diuyup jeung didagangkeun mun teu matak mah!”
“Da jeung saenyana,” torojol beurit jalu, Bapa Si Ton, haruhah-harehoh bari burial buncelik siga tas meunang kareuwas. Kitu biasana, unggal balik ka gowok, kudu bae mawa kasieun.
“Yeuh Ton, hirup jadi beurit mah beurat. Karek nolol babangus saeutik heug katenjoeun ku manusa, langsung rek dibinasa. Bapa ge bieu dibabuk mutu. Watir puguh oge,” ceuk bapa Si Ton, regot nginum cikolomberan nu nyalangkrung sisi gowok, mani ngalekik, hanaang taksiran.
“Watir kumaha Pa? Angot Ton mah dibabuk peso.”
“Bapa teh ngelol gigireun TV. Maksud mah rek nyewol goreng ulen nu diteundeun deukeut TV tea. Katenjoeun ku  nu bogana, mimitina mah ukur dihushus-hushus. Tapi ku Bapa dieleg. Cle kana piring, cle kana cangkir, gajleng kana luhureun TV bari rerenyohan. Keuheuleun meureun, jol ceg we kana mutu ana belewer dibaledogkeun. Gebro, meneran kana TV da Bapa mah kaburu nyingcet. Edel, dibaledog mutu mah. Teu manggapulia, layar TV teh peupeus mangkaning cenah can lunas!”
“Satuju, satuju pisan. Manehna mah ukur beunang TV, Ton mah  buntut,” ceuk Si Ton bari nyengir deui. Baluas taksiran da mun beunang kana awakna mah geus moal boa bohak, boa nepi ka hanteuna. “Tuda Bapa jeung Ema mah mani teu karunya ka Ton teh?”
“Teu karunya kumaha ari Ton?” Indungna nyengor.
“Enya atuh ari budak mah tong sina neangan hakaneun, geus we Bapa jeung Ema, pan  jelema ge kitu nu ngala duit teh kolotna,” tembal Si Ton.
“Kitu kahayang mah  Ton. Tapi pan urang mah beda jeung batur. Mun hayang barang hakan teh urang mah kudu kasab sorangan, kitu ge kudu susulumputan da teu weleh diancam bahaya boh ku manusa boh ku papada urang siga si ucing. Teu cara hayam, domba, munding, jeung sapi, diaringu. Parab nu ngarareunah disadiakeun!” ceuk bapa Si Ton.
“Muhun nya Pa? Ke, Pa naha ari hayam, domba, munding, jeung sapi diaringu ari urang-urang henteu?”
“Apan daging maranehna mah kabeuki jelema, payu ka duit. Tah basa Lebaran kamari, daging maranehna mah haregana mani ngajaul. Daging hayam tangka salawe ribu sakilo, daging sapi mah angot genep puluh rebuan punjul.”
“Ari daging urang sabaraha sakilona?”
 “Teu dijualan da jelema mah teu bareukieun daging urang. Aya ge nu beukieun, heueuh si ucing. Haratis si eta mah!”
“Heueuh tah geuleuh pisan Ton mah ka si ucing teh mani teu karunya-runyaeun ngahakan daging bangsana sorangan. Tuh hakan mah daging jelema si koret keked mengkene meregehese. Hulu peda ge mani ulah!” Si Ton ngageuri.
“His, ulah sirik pidik kitu jalu. Sabab, urang mah geus ditakdirkeun kieu ku Gusti Alloh. Maksud Ema teh heueuh urang mah ditakdirkeun jadi musuh manusa. Keun bae sabab ku ayana urang dipikamusuh, manusa boga kahirupan. Apan gara-gara aya urang, jelema kasab nyieun jeung ngajualan racun, elem, pitapak,  nya kitu deui lomari parekep-rekep baruni da bisi diasupan ku urang, jeung sajabana!”
“Tuh pan Ma, Pa, urang teh boga jasa ka manusa nya? Tapi ningan dipenta hulu peda bae mani malengpeng ku peso, komo mun dipaok irung siah!” Si Ton enyaan mani kanyenyerian. Tuda beuteung keur lapar, heug ngambeu hulu peda, sabatae ngacay, ari rek dihanca ngadon dibetahkeun bari dibaledog. Payus rek nyungkelit ge.
“Enya, tos tong kanyenyerian. Euweuh ti dituna beurit belikan mah. Ke ku Bapa urang pangneangankeun hotdog, tapi kudu soson-soson diajar kumaha carana nyingkahan balai. Sabab, urang ge ku Gusti Alloh teh sarua dipaparin kaunggulan. Buktina, najan racun beurit dijieun, elem tikus payu, pitapak balatak, bangsa urang mah haben nagen. Tenjo bangsa tumbila, kiwari teu nyesa,  di  musieum ge moal aya.” Bapa Si Ton ngupahan.
“Naon tumbila teh Ma?”
“Sabangsa jeung urang sok ngaganggu manusa nyaeta nyoco awak manusa, terus ngenyot getih nepi ka manusa teh retep arateul. Alatan kitu, manusa nyieun racun siga keur urang-urang. Racun teh disemprotkeun kana dipan, korsi, bilik, jeung tempat lianna. Temahna kabeh tumbila teu nyesa, palastra!”
“Deudeuh teuing tumbila,” Si Ton ngilu nalangsa:
“Mun kitu mah bangsa urang teh hebat nya Ma, nya Pa?”
“Pan ceuk Bapa ge urang-urang mah dipaparin kaunggulan, enya hebat. Najan diracun, mati satu tumbuh seribu!”
“Tapi dasar jelema nya Kang, keukeuh we nyacampah,” ceuk indung Si Ton.
“Geura etah dina televisi mani ngear berita, tikus-tikus busuk perampok uang rakyat dicokok KPK!” ceuk indung Si Ton deui.
“Ma, naon hartosna, Ton mah teu ngartos?”
Derekdek indung Si Ton ngadongeng, cenah  di antara jelema teh aya nu disebut koruptor, purah ngagerejud duit rahayat nu jumlahna liwat saking, moal beak tujuh turunaneun. Pedah kalakuanana siga bangsa urang sok puak-paok, nya koruptor teh sok disebut tikus atawa beurit. Para koruptor teh jelema nu dipercaya jadi pamingpin atawa pajabat di pamarentahan. Digajih gede, kumaha we bangsa urang nu diaringu siga domba, hayam, munding, jeung nu sejenna. Di ieu nagri nu cenah subur mamur gemah ripah lohjinawi teh, kiwari beuritna, eh koruptorna, beuki riab. Padahal, para pajoang, para pahlawan kamerdikaan, kaasup santri jeung kiai nu gugur jadi suhada di medan tempur, rela nemahan pati asal nagara merdika, leupas tina pangkerekeb kuku pangjajah, tur rahayatna raharja lahir tumekaning batin.
“Sastemenna, Ton,” ceuk bapa Si Ton nyelang nyarita, “Kamerdikaan RI teh rohmat paparin Alloh SWT. Alatan kitu, ngeusi kamerdikaan ge kudu ku sukuran ku jalan ibadah ka Alloh. Hanjakal, loba jelema nu lain sukuran tapi kalah kupur. Nu matak, teu aneh mun kiwari loba jelema nu hirupna sakarep kadutna siga koruptor tea,” ceuk bapa Si Ton nu sok pirajeunan ngabandungan ceramah ustad di pipir masjid. Si Ton mani unggut-unggutan katajieun. Teu nyangka kolotna palinter.
“Nu matak,” ditema ku indungna anu oge sok nyelang ngadengekeun pangajian, “Akibatna karasa ku sarerea, lain wae ku rahayat, dalah para pamingpin oge rieuteun ngurus nagara jeung rahayat teh da cecepenganana teu jinek. Hukum teu enya-enya ditanjeurkeun najan ka dieunakeun mah mimiti eungkeut-eungkeut ku ketak KPK. Hukum teu nanjeur, koruptor beuki warani. Rajeun dibui, ukur tataunan  bari jeung ngahenang-ngahening da pasilitasna garenah! Teu cara bangsat hayam, maok teu beubeunangan ge, beungeut mah pasiksak!”
“Kutan kitu kalakuan jelema teh? Jadi, koruptor teh bangsat, Ma?” Indung Si Ton unggeuk.
“Naha sok disaruakeun jeung bangsa urang?”
“Pan sok puak-paok tea!”
“Teu bisa, Ma!” Ana gantawang teh Si Ton nyangangang. Indung jeung bapana tangka ngarenjag, reuwas.
“Urang mah lain maok, tapi ngalaksanakeun kawajiban. Pan ceuk Bapa jeung Ema ge urang mah geus ditakdirkeun euweuh nu maraban, teu diingu siga si hayam sabalad-balad. Sedengkeun jelema nu disebut koruptor apan geus sidik digajih duit rahayat na atuh puak-paok deui? Kitu ge, urang-urang mah lakar sabeuteungeun teu cara koruptor siga ceuk Ema tadi  ngagerejud duit rahayat teh moal beak tujuh turunaneun. Teu bisa, teu sudi abrig-abrigan teu suka abrag-abragan urang disaruakeun jeung koruptor mah. Da cacak urang ge diingu, disadiakeun hakaneun siga domba, keur nanahaon puak-paok? Mun erek ge dipapandekeun ka bangsa sato, kuduna mah si koruptor teh disebut si domba atawa si hayam da maranehna mah sangkilang geus disadiakeun parab ge, angger we sok puak-paok ka nu lain hakna. Urang-urang mah pantes rek ngagalaksak naon wae ge da euweuh nu ngingu, euweuh nu nyadiakeun parab, ner teu? Sakali deui, teu rido, titik!” ceuk Si Ton panjang lebar.
Bapa jeung indungna ukur silihpelong, teu nyangka cacak budak keneh uteuk Si Ton geus motekar siga propesor. (Parantos dimuat dina majalah MANGLE No. 2192 tahun 2008)***

Belum Ada Tanggapan to “Carpon Fabel: NU GALECOK DI JERO GOWOK”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: